Sabtu, 21 Januari 2017

TOBAT GUSTI

TOBAT GUSTI!

Tobat ka Gusti Dzat Nu Maha Lautan hampura, nu baris mersihkeun nyawa tempat panitisan sareng nyukma elmu sajati dina diri,

Jembar manah pikeun ngalapkeun wadah kasajatian, ngarumasakeun diri pikeun ngalirna cahaya hate pikeun jalan ngagolontorna cahaya kasajatian,

Gupay tapana sajatining hurip, pikeun lampah nyukma cahaya kasajatian, ngurus diri ngajaga kasajatian, miara rasa ngolah kayakinana, ngajaga budi pekerti, elmu pangarti jeung amalan tina sagalaning karongkahan nafsu nu mawa karuksakan ka diri jeung balarea.

Ngajaga kasaimbangan antara kasajatian beureum sareng bodas dina diri miara adab-adaban.

Kasajatian Parahiyangan dina kamanunggalan para mustika papayung agung tihang cahaya,
Ngangon jiwa raga ngawaluku akma sukma,
Ngangon akal ngawaluku pikiran,
Ngangon kaweningan ngawaluku kasucian,
Ngangon hate ngawaluku nafsu.

Gupay Karahayuan Sangkan Hudang dina lampah pikeun ngupama.

Pikeun muka lawang nitisna cahaya kasajatian nu baris diawurkeun, nuturkeun lampah nu baris di lampahkeun, mukalawang lampah akma sareng sukma salaku jati diri.

Pikeun neteupkeun diri aya dina amparan kasajatian lampah satria panengah dina sagalaning urusan lampah darma waruga kahirupan sayareat, dina simbul pusaka raga kalimah nu nga Gusti kasajatian nu nga nyawa.

Ngaherangkeun hate ngaweningkeun pikiran, ngaheuyeuk pikiran ngolah pikiran ngolah pangarti sajati, ngaheuyeuk sukma ngolah waruga, ngaheuyeuk darma alam buana, ngaheuyeuk diri ngolah kasajatian beureum tangtungan nafsu, ngolah kasajatian bodas tangtungan akal ngaheuyeuk akal ngolah elmu sajati, pikeun kajayaan diri kasampurnaan manusa salaku khalifah bumi.

Tobat Gusti anu Maha Welas tur Asih, hampura abdi..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar