Bismilah...
Tuturus laku muru gapura rahayu pancaran jatining bagja, nitip tuju nu saestu tetep kalem lelemutan, nyinglar setan ngusir iblis, dipalar setraning rasa, dipatri citraning ati, nerapken ucap jeng lampah, mangsa na nyembah pang bakti kagusti nu maha suci tina papantunan hirup, manut lampahing ibadah sumembah kanu Maha Kawasa.
Nabi muhammad utusan nana rembesing Qura'n jeng sunah nu ngancik na sanubari urang, teu asal ti gusti musrik, nyingkir bidah nyingkah nu tinggal iman jeng toat, gumiwang numencrang herang ngenclong na herang gumeling, marengan teteg na angen, mangsa ngambah jalan takwa.
Rek mulang ka nu kagungan kakasih anu sajati, kaanjena urang mulang, reg hela rereh sakedeng, tanya hela eta rasa, talek hela eta hate, dimana ayena ngancik, rek kamana urang mulang, mawa naon gesan balik, sina oyag eta letah ku istigpar. Anu enya cisoca rasa rumasa, duh gusti nu maha heman, mung ka gusti abdi nyembah, kagusti abdi nya muntang, mugia ieu paneda ku gusti di subadanan neda di jaring d aping, mugga di hampura dosa, rumaos abdi rumaos.
Rumaos diri teu rujit tobat moal deui deui abdi sadrah kagusti, nyanggaken badan sakujur, duh gusti abdi teu tobat kapangkon ampunan gusti, ges cekas rasa rumasa, hate sering di weweleh, badan mindeng di carekan lampah, jore ebreh kabeh singsariak, ngucur taqwa ranyud.
Akar akar buku beerebey cipanon bijil, pruk nyuuh bari ngaguk gukngoceak jeroning rasa midangda, milangan dosa, nyurung bendung, jero kalbu, nyampai na jasadning rasa rumengsa jerooning ati bedah na cimata, tobat sebeh cerik balilihan, nundung rasa nu kaduhung, ngabedah talaga rasa nu nyesa, tinggal inghak na hate manteng kanu agung. sangges datang rasa anyarn kedal ucap pinuh iklas kebek ku karumaosan, bray soca lahir te benta, naliti badan sakujur sanu bari setra suci, naon ker panyinglar sedih, ati cerik batin sedih, tekad ken kanu kawasa, agama tuduh nu mulya, sing getol kanu ibadah, lakonan waktu nu lima najan urang loba dosa, asal tobat anu enya tangtu gusti ngahampura..
Insya'allah...
Mugi manfaat kanggo anu maca, khususna kanggo abdi pribados anu bobolokot pinuh ku dosa sareung sahabana...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar