Ema bapa hampura,,,
Gurugagna kuring ka alam dunya, meupeuskeun jemplingna peuting. Disanggap ku cireumbay kabungah nu jadi kolot.
Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun, Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.
Belenyehna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot, Rengkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot.
Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya hinggana, Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik.
Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.
Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu Bapa kuring anu ngabeberes masalah kuring Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring Ayeuna kuring geus gedé Asa can pernah kuring mulang tarima Nu aya ngan ngaririweuh jeung méré kapusing anu jadi kolot Boh indung kuring atawa bapa kuring.
Dugi ka ayeuna kanyaahna teu pegat-pegat Kajeun jauh ditungtung lembur Kajeun anggang ti pakarangan Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna.
Duh…
Ema, Bapa hampura kuring, kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot..
Hampuraa gusti nu Maha Agung...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar