Rundayan carita mangsa harita...
Masih natra dina rasa...
Tatali asih nu mengkeut pageuh...
Nepi ka kiwari tetep euntreup...
Kawas si leugeut teureup...
Katresna teu ilang singray...
Najan umur rek nepi ka kubur..
Kasono teu weleh pogot...
Najan jiwa geus teu deui ngora...
Duh Gusti nu maha welas tur asih..
jagi tali rabi abdi dugi ka aki nini..
teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri...
Neng geulis, bageur panutan kakang...
Kasatiaan modal utama..
Ulah nepi ka dirogahala ku pangaruh DUNYA nu kadang mawa sangsara...
Kabagjaan lain diukur ku lobana brana...
Lain dihias kureuncemna emas...
kabagjaan pasti nyaangan urang mun IMAN jeung TAKWA jadi sareat urang...
Dina enggoning ngabangun rumah tangga...
Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna...
Urang jaga ulah nepi ka sirna..
sangkan urang tetep waluya...
nepi ka pantona sorga..
Aamiin yaa allahu yaa robball'aallamiin...
#omey
Tidak ada komentar:
Posting Komentar