Selasa, 10 Januari 2017

Inget ka Kolot

Inget ka kolot Ukur bisa ngabayangkeun,
Poe ieu kuring nyegruk dina lahunan pun indung, ngedalkeun kabeungberat lalakon hirup jeung peurihna hate, menta rido nu jadi indung jeung bapa, najan geus jadi kodratna tinu kawasamah, hampura abdi.

Salapan bulan di kandung nyusahkeun nu ngaran indung, teu geunah kulem teu geunah tuang, tiap detik, tiap menit patuangan indung aya anu nejehan, koceak abdi gumelar di alam dunya, diais di rangkul, ku pun bapak...

Tiris dibajuan, panas dikipasan, lapar disusuan abdi teu acan tiasa mulangtarima.

Hampura mah pa...

Abdi gede ku gedena, di didik ku indung jeung bapa, sinah pinter di sakolakeun, geus pinter ngadon minteran nu jadi kolot, hampura mah pak.

Heemmp...

Gusti nu Maha Agung hampuraaen pisan ieu abdi, bobolokot ku dosa ka kolot. Ti luhur sahibas rambut, tihandap sahibas dampal nyuhunkeun panghampura tina sagala kalepatan anu karasa, anu teu karasa, anu dihaja, anu teu dihaja, anu ageng boh anu alit nyuhunkeun di hampura abdi mah pak.

Poe ieu abdi nunjukeun kawani diri, perang ngelehkeun ka era, menta hampura ka indung jeung ka bapa. Saksina bumi jeung langit, restuna cimata bapak nyuhunkeun di hapunteun pak.

Jam ieu jeung detik ieu, abdi sumujud dina dampal sampean indung jeung bapa, mugi gusti nangtayungan ka diri abdi ku karidoana indung jeung bapa, sagala anu di pimaksad ku diri mugi tinekanan.

Aamiin yaa allahu yaa robball'allamin..

Mugi mugi manfaat kanggo ka sadayana, anu nyaah ka indung jeung ka bapak.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar