Sabtu, 21 Januari 2017

Mulih ka Jati mulang ka Asal

Manusa, urang teh kudu nyaho kana jampe paeh.
Kudu nepi kana elmuna sakarat.
Kudu nyaho carana balik.
Bisi paeh atawa balik teh teu kadungsang-dungsang.

Heunteu tartib,
Heunteu merenah,
Heunteu pasrah.
Tah ti ayeuna urang teh kudu sadar, kudu eling.

Kasadaran atawa pieling teh lain jeung engke, tapi ti ayeuna.
Ulah nungguan buah nepi kaburukna, ulah nungguan sumur nepi ka saatna, ulah nungguan burit, ulah nungguan poek.

Mumpung aya keneh ca'angna,
Mumpung masih tiasa ningali katumbiri keneh,
Mumpung lampu acan di pareumen, Mumpung aya keneh nafas jeung eling.

Ulah nungguan di keuteuban, dipilasara ku taneuh, di talkinan ku parabot.
Teangan tah elmu paeh, elmu sakarat, Jampe paeh.

Mun teu katimu teh bakal hanjakal.
Ngajerit maratan langit ge moal aya nu nulungan, ngocenga denge, reumbay cipanon.
Duh ulang nepi lolong di dunya bisi lolong di akheratna.

Teu nyaho iraha balik, teu nyaho kumaha carana balik, teu nyaho jalan na balik, teu eling kanu Nyiuenna, teu inget kanu Miarana, teu inget ka Gustina

Da asalna kabeh urusan Gusti Allah, balik ge urusan Gusti, da di dunya ge gawe geus babarengan jeung Gusti, Ayana ku Gusti. Awalna ti Gusti, akhirna ge ku Gusti, balik ge ka Gusti, nyaeta Gusti nu Maha Sampurna.

Ulah balik ka taneuh, ulah balik ka cai, ulah balik ka angin.
Komo ulah balik ka seuneu.
Embung balik ka cahaya nu opat, embung balik ka sawarga komo ka naraka mah da eta teh makhluk, sami jeung urang.
Maenya makhluk balik ka makhluk, alim abdi mah.

Paeh teh kudu ilang tanpa karana, leung Leungit di sagara kahirupan.
Alam kalanggengan nana Gusti Allah nu hakikina.

Asal ti Allah, balik ge ka Allah, di Sampurnakeun ku Allah, Nyaeta mulih ka jati mulang ka asal tea!

Subhanallah...


Tidak ada komentar:

Posting Komentar