Sabtu, 21 Januari 2017

Syare'at, Tatekat, hakekat dan Ma'rifat

PATOKAN ELMU SAREAT-Kudu :

Nurut kana parentahna Gusti Alloh, Ulah saomong-omongna,

Ulah satenjo-tenjona,
Ulah sok sadenge-dengena,
Ulah sacokot-cokotna.

PATOKAN ELMU TAREKAT- Kudu: 

Nganyahokeun dawuhannana Gusti Alloh,

Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di omongkeun,
Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di tenjo,
Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di denge,
Kudu nyaho nu perlu jeung nu teu perlu di cokot.

PATOKAN ELMU HAKEKAT- Kudu :


Nyaho bener ka Gusti Alloh,
Kudu ngomong anu bener,
Kudu nenjo anu bener,
Kudu ngadenge anu bener,
Kudu nyokot anu bener.

PATOKAN ELMU MA’RIFAT- Kudu :


Sing nyaho bener tunggalna Kawula Gusti,
Kudu sing nyaho bener bedana anu hade jeung anu goreng,
Kudu sing welas jeung asih kapapada makhlukna,
Kudu panjang ingetan,
Kudu boga wiwaka pamilih,
Kudu campleng wawanen, pengkuh ngukuhan kanyataan.

MA’RIFATNA IMAN AYA 5 (LIMA) RUPA1. IMAN TAKLID :


1. Nyaeta iman anu masih ula ilu (tuturut munding)
2. IMAN ELMU : Nyaeta iman anu hasil tina pangaweuruh / Guguru.
3. IMAN AYAN : Nyaeta iman anu geus teu samara-samar deui ( Ma’rifatul Aen)
4. IMAN YAKIN : Nyaeta iman anu geus yakin kana Dzhat, Sifat, Asma, Af’al-na Gusti Alloh Ta’ala (Ma’rifatul Yakin).
5. IMAN HAK = Nyaeta iman anu geus murakabah, nyaeta anu geus bisa netepkeun kana sajatina Niat, nyatana : BILLAHI, FILLAHI, LILLAHI, MINALLAHI, ILALLAHI.

Mugi mugi sing manfaat, kangho anu baca!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar