Assalamu'alaikum
Bapak...
Sanajan kagantengan salira tos laas di candak yuswa, lntur ku umur nu nambihan seupuh. Tapi mangsa moal tiasa mupus ku agungan pangresa.
Salira tetep tumeutep janteun cahaya, nu mabra ngelehkeun surya, nu langkung caang tinimang purnama, nu nyaangan saban lengkah kahirupan.
Bapak...
Kanyaah sareung asih Anjeun, lir ibarat, taraje Rohman nu nganteurkeun magfiraah pidu'a sinareung ridho.
Janteun jangjang barokah kanggo ngideuran ieu kahirupan, janteun bumi tempat abdi ngadampal, janteun sawarga kanggo panguihan...
Bapak...
Cisoca anu kaluar ngampar tina panon bapak,eta mangrupakeun keclak panghampura Gusti, nu murubut saban rengse neuteupan, nganalaga nu tara saat kahalodoan.
Hujan nu teu elat nyimbeuhan, haneut nu nyimbutan tina kabulusan, aalira janteun langit di bumi ieu, anu nuwuhkeun panghareupan dina kahirupan...
Bapak..
Sanajan sagara nyaatan, bumi taya peupeulakan, tapi kanyaah tur kadeudeuh sinareung ridho bapak, tetep ngocor tur ngalir asih deudeuh pangeran kadiri abdi.
Yaa Allah..
Mugia Anjeun(Allah) salawasna maparinan kasehatan, kabagjaan sarta pangjang umur ka diri pun bapak abdi..
Aamiin yaa Allahu yaa robbal'aallamiin..
Wassallam..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar